TAFSIR AR-RAZI Surat Al Baqarah Ayat 183-184 Perkara Shaum Ramadan

- Senin, 27 Maret 2023 | 00:26 WIB
KH.Drs. Uu Suhendar M.Ag Allohu Yarham. Dosen Institut Agama Islam Persatuan Islam, Mudarris PPI 67 Benda Tasikmalaya. (Azam Munawar)
KH.Drs. Uu Suhendar M.Ag Allohu Yarham. Dosen Institut Agama Islam Persatuan Islam, Mudarris PPI 67 Benda Tasikmalaya. (Azam Munawar)

MELANSIR.COM- Allah SWT ngadawuh dina Alquran surat Al Baqarah ayat 183-284 nu artina:

“Hey jalma-jalma anu ariman! Diwajibkeun ka aranjeun ibadah shaum, saperti geus diwajibkeunana ka jalma-jalma nu aya samemeh aranjeun sangkan aranjeun tarakwa (183) Poe-poe nu geus ditangtukeun, sing saha diantara aranjeun (abus kana bulan Ramadan) gering atawa aya di panyabaan maka prak geura itung (poe nu batalna) sarta bayar di bulan sejen. Jeung ka jalma-jalma nu ngarasa beurat pikeun shaum maka kudu fidyah ku cara maparin dahareun ka jalma-jalma miskin. Sing saha jalma nu rek ngalaksanakeun kahadean maka hal eta leuwih hade keur eta jalma, jeung anjeun ngalaksanakeun shaum leuwih hade keur aranjeun lamun aranjeun nyaraho .(184).

A. Tafsir Mufrodat

1.Ya ayyuhalladzina aamanu hey jalma-jalma anu ariman. Kutiba ‘alaikum geus diwajibkeun pikeun aranjeun. Ashiyamu pikeun ngalaksanakeun ibadah Shaum. Ash-shaumu sacara harfiah hartina nahan atawa nyengker kahayang sedengkeun numutkeun para ulama anu disebut Shaum teh nyaeta nahan diri tina dahar, nginum jeung jima ti beurang kalayan niat ibadah. Kama kutiba saperti geus diwajibkeun eta shaum teh, ‘alalladzina mingqoblikum  ka jalma-jalma anu aya samemeh aranjeun. La’allakum tattaqun supaya aranjeun taraqwa (183)

  1. Ayyamamma’dudat poe-poe anu geus ditangtukeun. Faman kaana minkum maridlon sing saha diantara aranjeun nalika nincak kana bulan Ramadan kabeneran gering teu kaduga pikeun ngalaksanakeun shaum. Au ‘ala safarin atawa kabeneran nyaba sarta dipanyabaanana ripuh nepika teu kaduga shaum maka teu halangan pikeun ngabatalkeun shaumna. Fa’iddatun min ayaamin ukhor prak geura itung poe-poe anu anjeun batal shaum sarta bayar di luar bulan Ramadan. Wa ‘alalladzina yuthiqunahu jeung ka jalma-jalma anu ngarasa beurat ngalaksanakeun shaum . Kecap yuthiqu asalna tina kecap yuthowwiqu sarta eta kecap ilaharna dilarapkeun ka jalma anu beuheungna dikongkorangan ku rante beusi nepi ka teu bisa cengkat-cengkat acan. Pikeun jalma anu ngarasa beurat shaum saperti beuratna jalma dikongkorongan rante beusi maka teu aya halangan ninggalkeun shaum fidyatun tho’amu miskin kudu fidyah ku cara maparin dahareun atawa duit ka jalma miskin. Fa man tathowwa’a khoiron sing saha jalma anu rek tathowwu ngalaksanakeun kahadean dibarengan ku kaikhlasan. Fa huwa khoirullah maka kahadean  keur anjeuna. Wa antashumu khoirullakum  jeung aranjeun anu nyaba, gering, hamil, nyusuan  lamun kaduga mah leuwih hade shaum in kuntum ta’lamuun  kitu oge lamun aranjeun nyaraho (184).
  2. Tafsir Ayat

1.Aya dua redaksi  parentah Allah Swt  dina Al-Qur’an. Kahiji, kelompok yuridu. Redaksi parentah sifatna khobariyah (kalimat berita) tapi maksudna Insyaiyyah bisa nitah atawa ngalarang. Nu kaabus kelompok yuridu diantarana : Ya’muru  saperti QS 2:67 jeung 4:56, yasya Qs 6:36, yuridu Qs 2:185, yaqdli QS 8:44, atawa kutiba QS 2:178, 180, 183.  Kadua, Amar. Redaksina langsung ngagunakeun fi’il amar atawa nu saharti jeung Amar saperti Qs 17:78, 2:152-153. jrrd.

   Parentah shaum ngagunakeun kecap kutiba  disajajarkeun jeung wasiat, Qishash, perang, ngurus yatim jeung perang ngalawan syetan. Sakabehna karasa beurat jeung aya pakaitna jeung kasalametan hirup.

  1. Turunna parentah shaum dina taun kadua hijrah nalika Rasulullah saw nyanghareupan masalah sosial anu beurat lantaran muhajirin nu hijrah ka Madinah leuwih loba jumlahna batan urang Anshar nu kaanjangan. Program muakhot nepungkeun babarayaan dumasar kana ukhuwah jeung kaahlian mangrupakan program anu utama, padagang diwawuhkeun jeung padagang, patani jeung patani deui, guru jeung guru deui. Hasil tina muakhot ngawujud solidaritas dikalangan para shahabat. Sa’ad bin rabi  padagang nu jugala di Madinah hartana siap dibagi dua jeung Abdurrahman bin Auf. Lain harta wungkul tapi dua pamajikanana ditawarkeun ka Abdurrahman, ngan ditolak ku Abdurrahman bin Auf.  Ngawangun solidaritas dikuatan ku turuna parentah shaum. Target ibadah Shaum dina tungtung ayat 183  la’allakum tataqun supaya aranjeun  bisa ngariksa hubungan jeung Allah sarta hubungan jeung papada manusa.
  2. Ayat 184 ngajentrekeun kelompok jalma anu meunang dispensasi teu shaum : Kahiji, jalma nu meunang ninggalkeun shaum lamun teu kuat tapi kudu diganti di bulan sejen saperti nu gering atawa anu nyaba. Ari geringna teu ripuh mah atawa nyabana ngan ukur jarak deukeut teu kudu buka. Kadua, Anu ripuh saperti nu lansia, hamil atawa nyusuan teu aya halangan ninggalkeun shaum teu kudu ngodoan di bulan sejen tapi kudu fidyah, mere dahareun ka fakir miskin salila bulan Ramadan luyu jeung kasanggupan tapi lamun mere leuwih loba eta oge leuwih alus nu kaabus kana tathowwu. Lamun  lansia bari miskin teu kaduga shaum jeung teu kaduga fidyah eta mah bebas tugas. Katilu, nu teu meuang shaum lantaran aya mani’ (nu nghalangan ) saperti anu hed. Anu hed mah teu meunang salat jeung teu meunang shaum. (Azam Munawar)

 

Editor: Azam Munawar

Tags

Terkini

Ini Dia Garapan Modifikasi KA Ekonomi

Kamis, 1 Juni 2023 | 22:29 WIB

107 WNI Korban TPPO Online Scamming Dipulangkan

Kamis, 1 Juni 2023 | 21:01 WIB
X