TAFSIR AR-RAZI Surat Al Baqarah ayat 187, ADAB SEKSUAL DI BULAN RAMADAN

- Minggu, 26 Maret 2023 | 21:57 WIB
Ustad Drs. KH Uu Suhendar M.Ag Allohu Yarham, Dosen Institut Agama Islam Persatuan Islam, Mudaris di PPI 67 Benda Tasikmalaya. (Azam Munawar)
Ustad Drs. KH Uu Suhendar M.Ag Allohu Yarham, Dosen Institut Agama Islam Persatuan Islam, Mudaris di PPI 67 Benda Tasikmalaya. (Azam Munawar)


MELANSIR.COM - "Dihalalkeun pikeun aranjeun peutingan bulan Ramadan, sapatemon jeung pamajikan-pamajikan aranjeun, maranehanana teh pakean pikeun aranjeun sarta
aranjeun oge jadi pakean pikeun maranehanana. Allah uninga satemena maraneh teh geus ngahianat kana diri sorangan (teu bisa ngadalikeun nafsu birahi aranjeun) maka
Allah ngahampura kana kasalahan aranjeun jeung mupus kana dosa aranjeun. Maka prak geura sapatemon jeung maranehanana sarta laksanakeun naon wae nu geus ditangtukeun
ku Allah ka aranjeun, jeung prak geura dalahar jeung ngarinum nepika jelas pikeun aranjeun rupa bola bodas tina bola hideung nyaeta fajar. Terus sampurnakeun puasa
nepika datangna peuting tapi poma ulah sapatemon jeung maranehanana nalika aranjeun I’tikaf di masjid. Tah eta teh wates-wates Allah poma maraneh ulah rek wani-wani
ngadareukeutanana. Tah kitu Allah ngajentrekeun ayat-ayat-Na ka manusa supaya maraneh tarakwa ( QS Al-Baqarah :187)
.

A.Tafsir Mufrodat

1. Uhilla lakum geus dihalalkeun pikeun aranjeun Lailatashiyami peutingan bulan puasa arrofatsu sapatemon ila nisaaikum ka nu jadi pamajikan-pamajikan aranjeun.
Kecap arrofatsu mibanda sababraha harti diantarana : Kahiji, omongan kasar jeung cawokah.

Kadua, susur-sasar jeung rubu-raba kana wilayah sensitif awewe samemeh padungdung.

Katilu, sora awewe nalika sapatemon.

Kaopat, utah atawa kotoran onta.

Kalima mah, omongan nu ngarangsang birahi samemeh prung sapatemon atawa lamun dina olah raga mah warming up alias pemanasan.

Kecap Annisa hartina awewe nu lemah lembut jeung tanggungjawab lamun dilalaki mah arrijal.

Disagedengeun annisa aya kecap sejenena nu dilarapkeun pikeun awewe diantarana: Kahiji, Al-Untsa saharti jeung al-faraj hartina beulah dua atawa jenis kelamin awewe
lamun dilalaki mah adzdzakaru nu hartina tunggal jeung heuras.

Anu kadua mah almar’atu dilarapkeun lamun awewe geus katembong wilayah dadana sarta mibanda beungeut geulis, sarta nu katilu mah Al-ummu nu hartina indung atawa tempat
panyalindungan jeung pangbalikan nu jadi anak.
Hunna maranehanana nu jaradi pamajikan libasullakum jadi pakean keur aranjeun wa antum libasullahunna jeung aranjeun oge nu jaradi salaki jadi pakean keur nu jadi
pamajikanana.

Kecap libasun mibanda harti asal nutupan, nyampur atawa papaes.

Libasun dihartian pakean lantaran fungsi pakean nutupan aurat keur nu makena sok sanajan loba jelema nu dibaju tapi oratna kamana-meni.

Libasutaqwa hartina jalma nu hirupna dipapaes ku kataqwaan.


2. ‘Alimallahu Allah uninga annakum satemena aranjeun kuntum takhtaanuuna anfusakum teu kuat pikeun nahan nafsu birahi nepi ka aya nu sapatemon maleman bulan ramadhan
sarta ngajadikeun aranjeun ngahianati diri sorangan akibat boga pamadegan yen sapatemon peutingan ramadhan diharamkeun. Fataaba ‘alaikum maka Allah ngahampura saba’da
aranjeun sadar kana kasalahan wa ‘afa ‘ankum jeung Allah mupus dosa-dosa aranjeun. Fal’aana baasyiruhunna ayeuna mah prak geura sapatemon jeung pamajikan-pamajikan
aranjeun. Basyaro harti asalna mah ngantelkeun kulit jeung kulit.

Mubasyaroh oge sok dihartian sasalaman lantaran sasalaman ngantelkeun kulit leungeun jeung leungeun, nyakitu deui mubasyaroh sok dihartian sapatemon lantaran sapatemon
oge intina mah ngantelkeun kulit jeung kulit sarta teu sah sapatemona lamun ngagunakeun SLJJ (Sambungan Langsung Jarak Jauh).

Manusa dina raga kasar sok disebut basyarun saperti dawuhan nabi nalika anjeuna hilap shalat Ashar tilu rokaat : ”Innama ana basyarun mitslukum ansa kama tansauna…”
(Satemena kuring manusa biasa saperti aranjeun, kuring sok poho saperti aranjeun sok paroho) Wabtaghu maa kataballahu lakum parak geura laksanakeun samaksimal mungkin
naon wae anu geus ditangtukeun ku Allah ka aranjeun
3. Saba’da Allah ngajentrekeun naon anu meunang dilampahkeun peutingan Ramadhan maka ayat saterusna mah anu pakait
jeung beurangna.

Halaman:

Editor: Azam Munawar

Tags

Terkini

Ini Dia Garapan Modifikasi KA Ekonomi

Kamis, 1 Juni 2023 | 22:29 WIB

107 WNI Korban TPPO Online Scamming Dipulangkan

Kamis, 1 Juni 2023 | 21:01 WIB
X